0 Teks Dakwah walimatu'usri bahasa sunda


السّلام عليكم ورحمةالله تعالى وبركاته

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى اَحَلَّ النِّكَاحَ وَحَرَّمَ السِّفَاحْ . وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلى رَسُوْلِ للهْ . سَيِّدِنَا وَمَوْلاَنَا مُحَمَّدِ بْنِ عَبْدِللهْ الذى لا نبي بعده . وَعَلَى الِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُ اِلَى يَوْمِ الْقِيَامَهْ . اَمَّابَعْدُ . سُبْحنَكَ لاَعِلْمَ لَنَا اِلاَّ مَاعَلَّمْتَنَا اِنَّكَ اِنْتَ الْعَلِيْمُ الْحَكِيْمُ . وَقَالَ اللهُ تَعَالَى فى الْقُرْآنِ الْكَرِيْمْ . وَهُوَ اَصْدَقُ الْقَائِلِيْنْ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمْ . بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ . وَمِنْ ايتِهِ اَنْ خَلَقَ لَكُمْ مِّنْ اَنْفُسِكُمْ اَزْوَاجَالِّتَسْكُنُوْآ إِلَيْهَاوَجَعَلَ بَيْنَكُمْ مَّوَدَّةً وَّرَحْمَةً اِنَّ فِى ذلِكَ لأيتِ لِّقَوْمٍ يَّتَفَكَّرُوْنَ . وَقَالَ النَّبِيُّ صَلّىَ اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمْ أنكاح سنتى فمن رغب عن سنتى فليس منى. لا اله الا الله لا موجود الا الله   لا اله الا الله لا مطلوب الا الله لا اله الا الله لا مقصو د الا الله بسم الله توكلــنا على الله لا حـــــــــول ولا قــوة الا باالله العلي العضــــــــــــــــــــيم  

            Puji anu jadi pangais ati, puja anu jadi panghias rasa, Puji urang sanggakeun kagusti nu maha Suci nyatana Allah Robbul Izzati, Puja urang sanggakeun kanu maha kawasa nyatana Allah Azza wazala, anu mana nitih wanci anu mustari ninggang dina mangsa anu lugina taqdir teu tiasa di pungkir kadar teu tiasa disinglar urang sadayana dina wengi ayeuna tiasa ruing pungpulung patepung lawung paamprok jonghok patepang wajah dihaflah mubarokah dina raraga Walimatul Arusy kersana kang……sinareng neng…..anu mudah-mudahan ieu panganten  dipasihan rahmat ku Allah SWT Amin Yaa robbal alamin.
            Peryogi kauninga kukersana shohibul hajat didieu sumpingna simkuring kana ieu tempat sanes bade mupuri alas sesa kamari, sanes bade ngiring papangantenan, tapi sumpigna simkuring kadieu teu aya sanes            :
1.      Seja nehonan panguleum shohibul hajat didieu dumeh didedelan ku hadits Rasul SWT :
إذا د عى أحد كم إلى الوليمه فليأتيـــــها
            “ Dimana-mana aranjeun diundang pikeun Walimah maka aranjeun kudu nyumpingannana ” salagi dina eta Walimah teu aya acara-acara kama’siatan sareng pabid’ahan.
2.      Seja silaturrahmi, pedah dipiwarang kubaginda Rasul SWT :
من كان يؤ من باا لله واليوم الاخر فليصل رحمه
“ Sing saha jalma anu iman ka Allah Jeung kana poe akhir maka kudu daek silaturrahmi.
            Teu hilap sholawat sinareng salam mugia tetep salamina dikucurkeun dikocorkeun oge dikecerkeun kabaginda urang sadayana anu pangnyongcolangna salaam marcapada yakni Habibana Wanabiyana Muhammad SAW, oge kakulawargina kapara shohabatna, tabiin sareng tabiatna malah mandar dugi kaurang sadaya salaku umatna anu mudah-mudahan urang sadayana ku Allah sing dijadikeun, sing dicatetkeun dina hiji kasaean kin diyaumil Qiamah Amin yaa robbal alamin.
Para Alim Ulama Asasul Islam الذ ي لم يذ كر ا سمه تعضيما وتكريما Anu kusimkuring dipihormat                                                              متعناالله بطول أمورهم ـ ونفعناالله بعلومهم   Amin yaa robbal Alamin. Anu kusimkuring dipihormat
para aparatur pamarentahan minal Qoryah ila Roisuddaulah Minibtidai Rt Ila Rw Wabitaawuzi Musfika kacamatan, Para aparat keamanan Wadaulah Pendidikan Minal Bawahan Ilal Atasan anu sami-sami kusimkuring dipihormat, Oge teu kakantun anu kusimkuring dipihormat kapara pemuda anu bergaya para pemudi anu berkreasi anu ngajadi ujung tombak maju jeung mundurna Umat Islam dijaman anu bakal datang anu mudah-mudahan dipasihan kakiatan jeung kaistiqomahan kanggo memperjuangkeun jeung ngahirup-hirup Agama Islam,  Amin .

                        Para Hadirin Rohimakumullah.

            Sateuacan ngabahas masalah anu aya patula-patali, pakuat-pakait nepika pajeujeutna jeung masalah nikah simkuring nyuhunkeun pangapunteun heula kasadayana terutami kabapa-bapa /ibu-ibu anu parantos laki Rabi, terus terang simkuring bingung ieu teh, naon pangna bingung, margi simkuring dipiwarang kanggo ngabahas pertikahan bari simkuringna oge teuacan nikah, naon anu kedah dibahasna, tapi ieu mah urang sami-sami rarampa manawi keuna, saur paripaos sepuhmah melak meureun dina ceunah anu buahna susuganan kitu, leres....
           
                        Para Hadirin Rohimakumullah.
           
            Lamun nyarioskeun masalah nikah, maka bakal erat hubungnan sinareng dauhan Allah anu tercantum dina Al-Qur’an surat Arrum ayat 21 anu unggelna :
ô`ÏBur ÿ¾ÏmÏG»tƒ#uä ÷br& t,n=y{ /ä3s9 ô`ÏiB öNä3Å¡àÿRr& %[`ºurør& (#þqãZä3ó¡tFÏj9 $ygøŠs9Î) Ÿ@yèy_ur Nà6uZ÷t/ Zo¨Šuq¨B ºpyJômuur 4 ¨bÎ) Îû y7Ï9ºsŒ ;M»tƒUy 5Qöqs)Ïj9 tbr㍩3xÿtGtƒ ÇËÊÈ  

            Dina ieu ayat Allah masihan ciri kaurang sadayana tentang tanda-tanda kaagungan Allah SWT,
Maka kalintang pentingna urang mangkaji ayat Allah SWT baik yang tersurat atau yang tersirat kanggo alat ngandeulan kayakinan urang kamanteuna, sakumaha disindir ku Imam Ibrohim Al-Bajuri dina salasawios syiiranana anu dicarioskeun dina kitab jauhar tauhid :
  للعلم العلوى ثم السفلى í فنظر الى نفسك ثم انتقل 
            “ Pek tinggali diri aranjeun tuluy pindah kaalam luhur kaalam handap eta ibadah ”
            Upami dititenan kukurang, maka kacida seueurna tentang tanda-tanda kaagungan Allah SWT, sahingga upami urang nafakuranana moal cukup umur urang kanggo mendakan Hikmah dibalik ayat Allah SWT.
            Ayeuna urang sadayana, ulah waka tebih-tebih ngemutan tentang Astronomi dunia luar angkasa, ayeunamah urang sami-sami nafakuran tentang ayat Allah anu tertulis dina Al-Quran surat Arrum ayat 21 tadi diluhur, rehna Allah nyiptakeun urang sadayana teh َاَزْوَاجا berpasang-pasangan Tegesnamah aya langit aya bumi, aya beurang aya peuting, aya caang aya poek, aya jangkung aya pendek, aya mancung aya pesek, nyakitu deui aya lalaki aya awewe, jadi intinamah Allah nyiptakeun ka mahlukna teh berpasang-pasangan, bahkan jikalau kita telaah organ tubuh urang oge naminateh dua-dua, anu pang handapna manina teh ku-ku, luhureun kuku namina ping-ping tatangga pingping namina tit-tit, naek deui kaluhur namina da-da, tatangga dada namina su-su, luhureun susu namina tak-tak, naek deui kaluhur namina pi-pi tah ieu anu terakhir namina…nong-nong, jadi atuh tetela pisan yen Allah nyiptakeun mahlukna teh sajodo-sajodo, pasang-pasangan, dua-dua, nepika nami-namina, leres…
            Naon atuh tujuanana Allah nyiptakeun urang sadayana teh beut berpasang-pasangan, teu aya sanes لِّتَسْكُنُوْآ إِلَيْهَا  supaya urang tentrem, tentrem dina ibadah, tentrem dina neangan karunia Allah SWT, coba bayangkeun kuurang lamun teamah ayeuna aya peuting tuluy teu aya beurang maka tatanan hirup manusa moal maju sapertikeun ayeuna, sabalikna lamun beurang tuluy teu aya peuting maka moal aya waktu pikeun urang istirahat, jadi atuh jelas pisan yen Allah nyiptakeun urang sadayana teh pikeun لِّتَسْكُنُوْآ إِلَيْهَا .nykitu deui lamun teamah aya lalaki tuluy teu aya awewe jigana moal aya domba anu parawan, sabalikna aya awewe tuluy teu aya lalaki jigana anu pangpayuna tukang bonteng,
                        Para Hadirin Rohimakumullah
           
            Lamun nyarioskeun masalah nikah minimalna bakal aya opat pertarosan :
  1. Naon ngaran nikah      ?
  2. Saha anu kudu nikah   ?
  3. Kasaha kudu nikah     ?
  4. Naon bae langkah-langkah saba’da nikah       ?
Maka ieu pangaosan kusimkuring dibagi jadi opat babak tidak bersambung.
Babak pertama :Naon ngaran nikah teh ? waleranana, anu mana ngaran nikah teh mun ceuk bahasa santrimah Ta’rif nikah, mun ceuk budak sakolamah Definisi nikah, Definisi ieu kabagi dua :
  1. Secara Etimolohi         ( lughowi )
  2. Secara Terminologi     ( istilah    )
Para Hadirin Rohimakumullah.
           
            Ngaran nikah ceuk lughowi tos kauninga ku sadayana dina kitab-kitab fiqih nyaeta :
الاجتماع
Hartosna : “ Kadar-kadar kumpul ”
            Ayeuna urang sadayana kumpul diieu tempat, anu berangkat dibumina masing-masing bari diniatan dina manahna seja Tholabul Ilmi anu kadituna hoyong meunagkeun Ridhona gusti Allah SWT ieu teh nikah ngan ceuk seucara bahasa.
           
Ngaran nikah ceuk istilah, tos dicarioskeun dina kitab fathul mu’in jilid katilu nyaeta :
عقد يتضمن ا باحة الوطء بلفظ انكاح او تزويج
“ nyaeta hiji aqad-aqadan anu ngameunagkeun kana Ngawati kujalan make lapad nikah atanapi tazwij”.
           
Tapi saur pamuda mah nikah teh singkatan tina Nun, Kaf, Ha. Nun ( nikmat ) Kaf ( karasa ) Ha ( haneut ), jadi atuh nikah teh singkatan tina nikmat karasa haneut, ceuk saha....? ceuk pamuda, tapi saur sepuhmah, Nun na teh Nikmat...kitu oge ceunah.....ceuk Bapana budak, da buktina anu sing jarentul didieu oge hasil tina nikmatna nikah, da niatnamah lain nyieun anak tapi nyieun enak, leres teu pa.....
            Sakumaha ceuk Qo’idah : لبس وقبلة وادخل الذكر  í   نعمة دنيا ثلاثة فلتعتبر 
“ Ni’mat dunya sadayana aya tilu       nyabak nyium ngasupkeunnu ngabentelu ”

            Tapi ieu nikmat nikah teh ngan dua rebo, kaditu namah deudeuieun, taroskeun kasibapa leres teu pa.....? saba’da ni’mat, timbul anu kadua nyaeta Kaf ( karohah ) hartosna pikangewaeun, pikaseubeleun, ninggali pamajikan resep soteh keur panganten anyar, ninggali pamajikan teh jiga Maria Ozawa, jiga Sandra Dewi, jiga Luna Maya, tapi lamun geus bereset budak tilu belasmah, komo lamun keur gendut ninggali pamajikan teh jiga bunteulan hitut, keur panganten anyar, niggali pamajikan teh diteteup dihareup sieup, disawang titukang lenjang, ditilik tigigir lenggik, tapi lamun geus bereset budak tilu belas mah beda deui bahasana teh, niggali pamajikan teh diteteup tihareup jiga keuyeup, disawang titukang jiga hurang,ditilik tigigir jiga langgir, diukur tiluhur jiga undur-undur, diragap tihandap jiga hap-hap, tah ieu anu disebut karohah teh  tegesna pikangewaen .

            Salajeungna timbul anu katilu nyaeta Ha ieu mah aya dua alternatif, lamun nyanghareupan Karohah....lulus, maka Ha nateh ( Hasanah ), tegesna keluarga anu mawaddah warrahmah tur sakinah, keluarga anu didadasaran kurasa cinta jeung kasih sayang, tapi sabalikna lamun nyanghareupan karohahna teu lulus maka Ha nateh  ( Hazanah ), nyaeta keluarga anu  (awet rajet) keluarga anu didadaran kurasa egois jeung emosi, mudah-mudahan ieu panganten sing kaleubeut keluarga anu sakinah, mawaddah, warrahmah, Amin...

            Babak anu kadua nyaeta : Saha anu kudu nikah teh ? Waleranana nyaeta pidauh Rasulullah SAW :
يا معشر السباب من استطعتم منكم البائت فااليتزوج
“ Wahai para pamuda sing saha jalma diantara maraneh kabeh geus sanggup kana mere nafakah dhohir jeung batin pek geura nikah ”.
            Dina ieu hadits Rasul ngahimbau ka para pemuda anu geus memesuki masa puber mun ceuk bahasa indianamah beuger, etamah rek sifery, sifrengky, sijaky kecuaki aki-aki, anu geus sanggup mere nafakah dhohir jeung batin tegasnamah geus bisa maraban biwir anu luhur jeung biwir anu handap ceuk rosul pek geura nikah. Atuh pamuda anu ngan saukur rambut gondrong, kerjaan nongkrong, bujal bodong, hobi nampang tapi jajan ngutang, eta mah can kaleubeut kana hadits Rasul anu bieu.

            Babak katilu nyaeta : Kasaha kudu nikah teh ? Walaranana  nyaeta  pidauh  Allah  dina
Al-Qur’an :
فانكحوا ماطاب لكم
“ kudu narikah maraneh kabeh ka awewe anu dipika cinta kumaraneh kabeh ”
            Dina ieu ayat Allah marentah nikah teh kanu dipika cinta lain kanu geulis, lamun Allah marentah nikah kudu kanu geulis, maka awewe anu penteun 3,5 keur saha ? jeung lamun Allah marentah nikah kudu kanu kasep simkuring saha layana ? tapi perlu kita garis bawahi, anu dimaksud kugeulis didieu teh lain geulis ceuk simamat anu diukur kusyahwat, tapi geulis mugguh Agama nyaeta anu Dan, Din, Dun, Dan (pinter dangdan), Din (alus agama), Dun (alus dunyana), ulah anu Dat, Dit, Dut, Dat ( goreng adat ), Dit ( pedit ), Dut ( siga badut samutut bari jeung hitut ), ngan eta anu Dan, Din, Dun teh langka pisan dijaman kiwarimah, tapi eweuh-eweuh teuing mah teu kudu hese nu penting bageur, pinter, beunghar, jeun teuing geulis oge, leres....


Babak anu terakhir nyaeta : Naon bae langkah- langkah saba’da nikah ? Waleranana nyaeta pidauh Allah dina Al-Qur’an :
وعاشروهن بالمعروف
“ Perlakukeun istri-istri maraneh kabeh kalawan hade ”

            Tegesnamah salaki kudu bisa memperlakukeun istrina kalawan alus, atuh salaki kudu apal kana hak jeung kawajibanana, anu mana kawajibanana teh aya opat :
  1. Ngimahan sing pageuh
  2. Makean anu weuteuh
  3. Maraban sing nepika seubeuh
  4. Ngendongan sing nepika reuneuh.

Nyakitu deui istri sing apal kana hak jeung kawajibanana, anu mana kawajibanana teh sami aya opat diantarana :1. Masak, 2. Diwedak, 3. Nangkarak, 4. Ngadengkak, Tah Insya Allah upami duanana tiasa ngalaksanakeun kana tugas jeung kawajibanana bakal terwujud keluarga anu mawaddah, warrohmah tur sakinah, tegesna keluarga anu bahagia, keluarga anu didadasan kurasa cinta jeung kasih sayang, cindek namah kacai jadi saleuwi, kadarat jadi salogak, kacai daraek ngaji, kadarat daraek solat, seiya sekata, seiring sejalan, runtut raut sauyunan dugika paketrok iteuk, bahkan dugika poe Qiamah.

Para Hadirin Rohimakumullah.

Supaya ieu dua  mempelai tetep  renggenek  dina sakinah  mawadah  warrohmah  simkuring pesen  :
1.      Sing yakin ieu jodo teh takdir Allah SWT, dihin pinasti anyar pinaggih tibarang Saratus Dua Puluh dinten anjeun aya dina patuangan Ibuحينى نفح الروح  من ku Allah parantos ditakdirkeun yen jodo kang.....bakal nikah kaNeng....sing yakin dina hate supaya urang bisa tumarima kana papasten Allah.
2.      Kudu Husnudhon ( hade sangka ka Allah ) bahwa ku jodo anu ieu urang bakal mangihan kabagjaan hirup, ku jodo anu ieu urang bakal nyiun wasilah pikeun ngahontal mardhotillah.
3.      Ieu akad tikah teh sing jadi pertikahan anu pertama jeung anu terakhir tegesnamah panungtungan masa pacaran, tikawit ayeuna anjeun duaan lebeut kana alam ririmbitan, alam rumah tangga anu dibeungkeut ku STTB ( Surat Tanda Tamat Bobogohan ) saba’da nikah mah kudu bogoh yaan.
4.      ku akad tikah Indung Bapa urang jadi nambahan tegesna Mitoha, Dulur, lanceuk, Adi jeung anu liana.
5.      ku akad tikah jadikeun sarana pikeun ibadah jeung ngabakti ka Allah SWT.


Para Hadirin Rahimakumullah.

            Insya Allah uraian anu langkung jelasna kin bade didugikeun ku kersana Guru urang sadayana, rupina cariosan simkuring diceukapkeun sakieu mudah-mudahan aya manfaatna khususna kanggo pribadi umumna kanggo sadayana, bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang nyugak, anu pondok bisi jadi orok, anu panjang bisi jadi siujang, bilih aya cariosan anu ngabentur kana tuur, ngabelentrang kana tarang nyuhunkeun dihapunteun, sateuacan simkuring lungsur mangga ieu panganten urang do’akeun kusadayana, tuturkeun cariosan simkuring....
اللهم أللف بيننا وبين أزواجنا كما ألفت بين سيدنا ادم وحواء، وكما ألفت بين سيدنا إبراهيم وسرات، وكما ألفت بين سيدنا يوسف وزلـيخى، وكما ألفت بين سيدنا محمد صلـــــى الله عليه وسلم وخديجة القبرى، ربنا هبلنا من أزواجنا وذرياتنا قرة أعين وجعلنا للمتقـــــــــين إمـــامــــــــــــــــــــا
ربنا أتنا فى الدنيا حسنه وفى اللأخرة حسنه وقنا عــــــذاب النار.
باالله توفيق والهدايه والســــــلام عليكم ورحمة الله وبركاته.













0 komentar:

Posting Komentar